Selasa, 02 Maret 2010

BOBODORAN

HUMOR BB.
(Februari 2012, memperingati hari Anie teu boga BB, ari Ana BB-na dibagi-bagi ...)

Anie :"Na … di dinya cenah boga BB rea euy?" Ana : “Puguh atuh, geura itung sing gemet aya sabaraha BB yeuh … Basa Bandung Banjir Bandang Bada Babancakan Bareng Babaturan Bapa. Baju Baseuh, Beungeut Bareuh, Beuteung, Bitis, Birit , Bujur Bared, Balas Bintihan Bayawak Bangkawarah. Balik Bobolokot, Bibina, Baraya Brigitte Bardot, Bijil Bingung, Biasa Biwir Balem Baeud Bangkenu. Borokokok, Belegug, Balik Boro-boro Black Berry, Barang Bawa Bangkong Budug Bucitreuk Bati Bau Bangke Bilatung Bae. …, …“ Anie: “Sakitu Na, ... naha lain diteruskan?” Ana: “Teuing ah lieur, sakitu oge geus beak dibagikeun ... nu penting mah BB-ku Benar Benar Banyak”

CEMILAN
"Terang ari cemilan teh naon neng?" kuring nanya ka murangkalih TK. Jawabna "cemilan itu ... cemilan, cepuluh, cebelas ..



KACAMATA BACA
Aki2 :"Jang, ieu aki pulangkeun kacamata palsuna ... " Dokter :" Kunaon kitu ki ..." Aki2:"Enya didinya mah ngabohong sugan teh bener KACAMATA BACA" Dokter can ngarti "Na ... kunaon?" Aki2: "Enya, cenah kacamata baca ... tapi tetep wae aki teu bisa maca" Dokter "Ari aki tiasa maca? ..." Aki2 :"Ti baheula oge henteu" Dokter "???"

DISAMAKAN
Ti lembur, indit ka Bandung rek muguhkeun sakola anakna nu nincak Paguron Tinggi. Disalah sahiji lokasi anu dituju, Bapana rada ngarenjag :"Ieu ... sakola nu dipikahayang kumaneh teh Nang?" Si Unang ngawaler "Leres pisan Bah" Bapana "Belegug silaing mah, abong ti kampung" Si unang teu ngartos "Na ... kunaon kitu?" Bapana :"Baca kusilaing ... Universitas Pasanggiri DISAMAKAN" Si Unang tetep teu ngarti "Pan ieu teh paguron hade ... Bah?" Bapana "Hade, hade kumaha? ... tenjo kusilaing, cenah hade, ... tong boro dibangkuan ... wungkul DISAMAKAN mah, naon bedana jeung milu ngaderes di pasantren abah Duyeh di lembur, ... pan sarua disamakkan?" Si Unang :"???"


BATUK BERJAMAAH
 Sholat Berjamah (subuh) di Masjid. Uho .. euheu ..ehekkk. Atuh geuning mamum sok pipiluan babatukan jeung dedeheman samemeh prungna solat nurutan imam. Ari imam mah wajar da rek maca surat panjang, ari mamum mah pan ukur ngagorowok "Amiiiiiin" wungkul 2x. Teu kudu babatukan jeung dedeheman berjamaah ... da teu kaasup sunah2 acan ...


TONG SARE JEUNG BUDAK.
Dina palajaran Matematika. Guru nanya ka si Unang "Cep Unang ... kumaha tiasa?". " Sesah lebetna ... bu" jawab si Unang. Guru : "Tapi, kunanon eta sirah nepi ka leucir baseuh ku ciduh jiga kitu ?". Unang :"Numutkeun nasehat Bapa Unang Bu ..." Guru : "Kumaha kitu nasehatna?" Unang :" ... pami Unang bobo sareng ema ... bapa sok sering ngaharewos ka ema ... saurna, pami sesah lebet, sirahna kedah diciduhan ..."

MEUNGPEUNG RINEH
"Naon nu di ceungceungrikan neng?"
"Haduh ... ema ... ema ... eneng diputuskeun"
"Pan eneng mah can boga kabogoh ... "
"Sugan wae ... ma"
"Naha ceurikna bet ayeuna ..."
"Pan meungpeung eneng keur rineh ... ma, pami enjing mah eneng ngawitan lebet damel"

PEMBACAAN PANCASILA.
Dina poe Kartni, kalayan gagah Ma Icih, ngagidig ka tengah-tengah upacara kartinian. Kalayan sumanget 45, Ma Icih ngabacakeun Pancasila : "Satu Pancasilaaaaaaaa ..., Dua Ketuhanan Yang Maha Esa ..., Tiga Kemanusiaan yang adil dan Beradab, ... Empat Persatuan Indonesia ... Lima Kerakyatan yang dipimpin Oleh Hikmah Kebijaksanaan dalam Permusyawaratan dan Perwakilan , ... Enam (ragu-ragu) Enam, Enam (bingung) ... Keadilan Sosial bagi seluruh Rakyat Indonesiaaaaaaa ...". Hadirin raeng ngagorowok "Geuning aya genep ... Ma?". "Teuing ... atuh" tembal Ma Icih, ngaloyor indit, bari weleh teu ngarti ku naon jadi aya genep.


TONG SARE JEUNG BUDAK.
Jam sapuluh wengi ... aya lini lokal ... teu pati lami (paling 5 menitan) ...
"Mbuu ...sakedap dui abah bade kaluar" (ngaharewos)
"Mbuuu oge ..." (ngaharewos)
Budak nu sare sagigireun indung jeung bapana ngorejat "Abah, mbuu bade kamana? Ujang miluuu ..."

RAJA BULU TANGKIS
TV nuju ngulas "Orang Indonesia" yang mendunia ... Salian ti Rudi Hartono, sim kuring janten emut ka pangalaman. Basa kapendak sareng urang Eropa anjeuna naroskeun ka sim kuring "Hi, friend ... do you play Liem Swie?" Ngahuleng sakedap "What ... play Liem Swie?" Anjeuna ngawaler, "Yes ... play Liem Swie", bari meraktekeun gaya bulu tangkis. " Dont you know that the King of Liem Swie comes from Indonesia. Do you?" Satarabasna sim kuring ngawaler "Yes of course .. I can play Liem Swie, ... almost Indonesian peoples do like to play Liem Swie". (Sakolebat idena boa-boa ... pedah aya King-na, disangki Liem Swie King teh terjemahan tina Raja Bulu Tangkis (Liem=tangkis, Swie=bulu, King=raja)

KUEH SEMPRONG.
Meuli kueh semprong keur budak ka Toko Cina totok.
(+) "Koh .. aya kueh semprong?"
(-) "O ... kueh sempolong, aya ... aya"
(+) "Lain kueh sempolong koh ... kueh semprong!!!"
(-) "Heu'euh kueh sempolong .. nu kieu lain?" (bari mawa kueh semprong)
Beurangna, kuring balik deui
(+) "Koh ... aya kueh sempolong?"
(-) "Oweh mah teu boga kueh sempolong ..."
(+) "Tadi isuk pan aya koh, ... tuh nu jiga itu !!!" (kuring nunjuk kueh semprong)
(-) "Eta mah lain kueh sempolong deuleu ..."
(+) "Ari geus naon kitu???"
(-) "Nu kieu mah ngalana kueh sempolong ... "
(+) "???"
(+) "Sabaraha koh?"
(-) "Gopek ..."
(+) "Meunang ditawar koh ... lamGaPek, nya?"
(-) "naong ... LamGaPek ? sabalaha ..."
(+) "Ari gopek sabaraha ?"
(-) "Lima latus wae ..."
(+) "LamGaPek ... 75 kurang ti dinya ..."
(-) "Teu eling siah ..." (bari ngaleos nendeun kueh semprong)
(Teu bijil deui, kuring olohok, ngabayangkeung budak ceurik hayang kueh semprong)



Tidak ada komentar:

Posting Komentar