Minggu, 25 Maret 2012

Waktu di Sunda

Wanci janari gedé : kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
Wanci janari leutik : kira-kira tabuh 03.30 – 04.30

Wanci balébat : waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang : wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)
Wanci haneut moyan : waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
Wanci rumangsang : waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed : waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor : waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon : waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
Wanci panonpoé satangtung : ± tabuh 15.00
Wanci tunggang gunung : panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung : waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)
Wanci sareupna : geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak : waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting : ± tabuh 24.00...cag

COPY - PASTE TI Status Uwa Fauzi Salaka di Grup SALAKANAGARA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar