Minggu, 11 Maret 2012

Mulud Ider Tradisi Lokal di Rajagaluh


Mulud ider ngarupikeun budaya lokal di Rajagaluh, Majalengka anu ngalestarikeun budaya Islami kanggo pengeling-eling Milad Nabi Muhammad Rasulallah SAW. Mulud Ider dilaksanakeun dina unggal sasih mulud, rombongan pangajian sumping ka tiap rorompok, tangtos nu kaanjangan nyayogikeun hidangan sakawasana ngarupikeun parasmanan atanapi "berekat" (asal tina barakah ?) anu tiasa dicandak ka bumi sewang-sewangan. anu sumping tiasa wargi, murangkalih, sepuh sabunderan lokasi anu gaduh hajat. Tiasa oge ngondang sesepuh ti pasantren lokal. Video ieu didokumentasikan dina ping 5 Februari 2012 di salah sawios bumi di Gg. Indangsari caket terminal II pasar di Rajagaluh.

Video  TRAILER ngarupikeun klip pondok anu durasina mung 2 menitan. Video  FULL anu langkung panjang kirang langkung 6 menitan.  Wilujeng nyakseni ...

TRAILER & FULL VIDEO TRADISI LOKAL MULUD IDER

TRAILER (MP4 durasi 2 menit)



FULL (MP4 durasi 6 menit)





Tidak ada komentar:

Posting Komentar