Sabtu, 31 Maret 2012

Kasakit kulit anu ilahar ayana di Masyarakat

KASAKIT KULIT ANU ILAHAR AYANA DI MASARAKAT

Kasakit orok:

Ilaharna kasakit orok karinget buntet anu istilah medisna disebut miliaria, tindakan anu saderhana mah “ditiiskeun” mun bisa mah di bawa ka tempat anu “tiis” – héhé aya “AC” – atawa dianginkeun, ubarna cukup ku wedak salisil 1-2 %.

Kasakit orok lianna kikilieun atawa leuleugeuteun, dina sirah orok siga aya geutah atawa leugeut, anu istilah medisna disebut “dérmatitis séboroik”, biasa cukup dibersihan ku minyak keletik, atawa ku “baby oil” – kadang-kadang ari geus loba teuing, bisa dibantu ku tablét CTM jeung krim hidrokortison 1%.

Kasakit dina kulit sirah, ilaharna mah totombéeun, basa indonésia na mah ketombé kaasup séboroik keneh basa médisna mah – cukup ku dikuramas ku sampo anti ketombé.

Kasakit dina kulit beungeut anu ilahar nyaeta:

• Kokoloteun, kulit beungeut semu hideung, umumna sering disebut “flék” , dina basa medisna disebut mélasma. Gampilna mah ulah kapoé, ulah papanasan. Bisa maké ”krim pemutih”, ngan sahadéna mah tanyakeun heula ka dokter lamun rek maké krim.
• Éwateun, jarawat- Jerawat basa indonésia na mah – istilah medisna acne vulgaris , poma ulah dipencét – ubaran waé maké “obat anti jerawat”.
• Kukul, hunung, maromot – baruntus renyek semu hideung, konsultasikeun wae ka dokter
• Balas bogo, totol bodas “mirip” hapur ngan henteu parna, basa medisna pytiriasis alba, ulah kapoé , bisa diubaran ku krim hidrokortison 1%

Kasakit dina awak:

• Budug, istilah médisna disebut Scabies (skabiés), alatan ayana jaram/parasit anu disebut Sarcoptes scabiei- jaram ieu gampil pisan tatalépa na, bisa ka batur sa kamar- sakobong ari dikalangan santri mah, malah sa imah – sa lembur. Tindakanana baju - sepré dileob ku cipanas – diseuseuh. Kudu berséka, kebersihan lingkungan dipiara – pasén diubaran ku “salep 2-4” atawa maké krim “anti skabiés”. Ari geus nerekab mah, kudu diubaran kabéh anu saimah atawa saasrama.
• Borok , istilah medisna piodérma, mimitina tina bisul – ieu mah kudu dibersihan – dibarung ku antibiotika, konsultasi heula ka dokter. Kitu deui anu disebut rodék, radang, baruntus atawa barudus
• Bisul (bisul beunyeur, bisul tibar, bisul kamalang¬kem), istilah médisna furunkel, diubaran ku antibiotika, utamana mah kudu berséka.
• Cénang, istilah medis disebut vésikel / pustula, ulah dipencét, upama aya nanah, kudu maké antibiotika
• Paték, borok anu parna - frambusia, geus ampir leungit, biasana dina keuneung nepi sok kaciri tulangna – bawa ka rumah sakit.
• Kutil, nu basa medisna Verruca vulgaris, kasakit anu sababna ku infeksi virus papilloma (HPV, Human Papilloma virus). Kutil bisa nonjol biasana dina tonggong leungeun, bisa datar. Kadang-kala sok leungit kusoranganana (hehe, cukup ku dilaguan kutileuh-kutilang), tapi lamun teu leungit mah mending ka sarana kesehatan, dipiceun kutilna – biasana mah di”kauter” – di”duruk”… nyegahna mah biasa kudu berséka
• Ésot atawa Ésrot, sabangsa kutil tapi lemes, basa medisna moluscum contagiosum, biasana aya di barudak , benjolan (sagede bentol) – teu karasa nyeri, biasana teu diubaran ogé sok leungit dina waktu sataun, tapi saupama ésrot ka kagorés,raheut, bisa tatalepa kana kulit di sabudeureunana. Bahayana upama beunang ka kolot, jeung beunang kana parabot kolot - eta mah kudu konsultasi ka dokter spesialis kulit kelamin.. sok sering dianggap tina panyakit menular seksual (PMS). Sarua jeung kutil umumna mah urang kudu berséka.
• Hapur (hapur kembang, hapur beusi, panu, kadas, kurap, gabag), basa Indonesiana oge meh sarua panu atawa kurap, basa medisna pytiriasis versicolor, sababna infeksi jamur (lain jamur supa) mikroskopik, Malassezia furfur, anu hirupna dilapisan “tanduk” atawa keratin kulit. Hapur “beuki” ngalobaan mangsa ningkat “begér” alatan zat lemak sumber kahirupan jamur , dina mangsa begér ogé ningkat kagiatanana jeung produksina. Hapur diubaran ku obat anti jamur, anu biasa dijual bébas di toko obat atawa apoték. Kasakit ieu oge kudu berséka…..
• Cacar, panyakit ieu mah ti taun 1975 geus teu aya..alatan suksesna program imunisasi cacar. Anu kadang-kadang ayeuna disebut cacar téh nyaéta “cacar air” – basa médisna “Varicélla” umumna keuna kana barudak, jeung sakali saumur hirup. Biasana mah harééng – rep tiis breng kaluar midang beureum saawak-awak dibarengan ku cénang. Anu penting mah cenangna ulah peupeus – moal tapakan siga kasakit cacar baheula mah sok nepi ka bopéng malah mah nepi ka hanteuna. Kasakit ieu mah bawa wae ka dokter/sarana kesehatan. Kasakit ieu ditepakeunana lain ku cénangna, tapi ku lantaran virusna aya di “udara” anu langsung kaseuseup ku pernapasan urang.
• Cécéndéteun (sabangsa cénang ngagarenclang siga buah cécéndét), istilah medisna herpes zoster, mirip cacar air, ditambahan nyeri – biasana nyabeulah. Ieu mah bawa wae ka dokter
• Késrék (éksim) – éksim geus jadi basa sunda jeung basa indonesia tina Eczema (basa Yunani) – istilah medisna Dérmatitis, radang kulit jeung “jaringan handapeunana” biasana mah, ateul, beureum, baruntus, bareuh, kadang kadang jiih . sabab musababna mah dugi ka danget ieu oge teu acan jelas, ngan dihubungkeun kana alergi, biasana anu késrék téh sok aya bgabogaan kasakit alergi anu séjén sanajan sok keukeuh dikalangan medis mah sok disebut henteu jelas hubunganana the, ngan “diduga” aya antibodi saperti “imunoglobulin E” anu leuwih teuing. Kaayaan késrék diriripuh ku stres emosional, atawa robahna cuaca, aya infeksi kulit, “kontak” jeung bahan anu matak alergi, misalna baju wol – atawa ku detergen. Kadang oge ku kadaharan. Kudu diupayakeun ulah kontak jeung anu ngamatakeun alergi atawa ulah stress. Ari saeeutik keneh mah bisa ku CTM jeung krim hidrokortison. Tapi ari geus parah mah mending konsultasikeun wae ka dokter….
• Kaligata, meh sarua jeung “dongéng” eksim, ngan ieu mah “saukur” ateul, gimpa, bareureum, ceuk urang jawa mah biduran , istilah médisna “urtikaria”, biasana mah alergi ku hurang, asin atawa kamérangan. Bisa diubaran ku obat anti alergi saperti CTM, incidal , wedak salisil atawa wedak kocok
• Karényéng (arateul ku jaram) basa medisna Pruritus, ulah digaro. Bisa diubaran heula ku CTM atawa ku krim hidrokortison
• Bungkul (siga bisul dina péngpé¬langan), biasana mah lantaran infeksi dina “kelenjar getah bening” dina péngpélangan jeung pembulh getah bening. Dikalangan medis disebut “Bubo” atawa Lymphogranuloma Venereum anu asalna tina infeksi jaram Chlamydia trachomatis, tina kulit atawa lapisan sel anu leueur. Tinavinfeksi kelenjar jadi radang jeung bareuh, jeung aya nanah…. Nya tetep hadena mah diubar ka dokter.
• Salésér (siga bisul tapi teuas ), biasana mah urut raheut – basa medisna “keloid”, usahakeun ulah raheut atawa kadupak, kateunggeul. Ieu oge diubar ka dokter.
• Kucar , kulit jelema anu siga munding bulé, albi¬no, bawa ti kudrat… da geus ti kudrat nya dalah kumaha atuh….lain ubaraneun.
• Corob: kulit jelema anu belang wawaréhan (kaasup kasakit) – istilah medisna Vitiligo, biasana mah dimimitian ku ayana totol bodas dina kulit, watesna jelas atra. Totol ieu nambahan jeung ngalegaan. Biasana aya anu gancang, tapi aya oge anu nahun. Totol ieu oge aya anu bisa leungit kusorangan, ngan arang pisan. Sababna mah tetep masih diduga-duga keneh wae, dasarna mah sel anu nyieun pigmen, nyaeta melanosit, kaganggu…Ari ngubaranana mah geus loba teknikna, aya anu ku laser , aya anu “tandur kulit” sagala, ngan alusna mah konsultasi wae ka dokter.

Kasakit dina kuku dina kuku réma Hileudeun dina kuku suku Kéongeun… duanana alatan infeksi jamur mikroskopis, basa medisna paronychia, onychomycosis, tinea unguium…hésé ieu mah keur mah bau…nya kudu di sarana kaséhatan, biasana kukuna di buka, dipiceun… engké oge jadi deui, ulah hariwang!

Kasakit dina dampal suku

• Leuncangeun (kuman cai dina sela-sela ramo kuku), istilahna Tinea pedis kasakit ieu lantaran infeksi jamur mikroskopis jenis Epidermophyton, Trichophyton, Microsporum, dan Candida albicans dina . jeung gampil pusan tatalepana. Jamur té h karesepna hirup dina anu beueus. Nya lantaran disapatu anu nutup jeung panas, biasana mah bereureum, kulit molotok, aya baruntus siga cénang.). Biasana mah ku obat /krim anti jamur, ngan ngoléskeunana sanggeus mandi jeung kudu garing. Ieu mah berséka deui wae. Kaos kaki kudu bersih, garing… ulah nepi ka beueus eumeul-eumeul dipaké. Ulah sapaké sapatu jeung kaos kaki jeung batur…..
• Rorombéheun, bareulah renyek - istilah medisna keratoderma, rorombeheun lantaran “jaringan tanduk” tina kulit ngandelan, dibarengan ku “soék”na kulit saeutik-saeutik, tapi kerep, malah sok jadi terus ngalegaan, manjangan soék na téh jadi “fissura” anu basa sunda na nyaéta “bebelakeun”, bareulah manjang dasarna beureum atawa semu hideung. Ari sababna mah “idiopatik” alias “teu nyaho deui” wae…. Biasana tentara anu sering make sapatu boot jeung manggul anu beurat , tapi di daerah tropis sering ngeunaan ibu-ibu anu geus “menopause” – istilahna keratoderma klmakterium. Ari ngubaranana mah make “krim pelembab” saperti vaselin, ngarah beueus – aya oge nu nambahan obat “keratolitik” anu ngancurkeun zat tanduk. Ngan tetep alusna mah, diubaran heula ku dokter spesialis kulit.
• Botoleun (bolongeun, aya liang teuas) - iwakeun (siga jarawat ngan aya matana buleud siga mata lauk) , ari dina istilah medis mah duanana disebut “clavus”, sababna aya anyebutkeun infeksi virus anu ngaruksak kulit teus jadi heuras, tapi aya ogé anu nyebutkeun lantaran maké sapatu anu sereg, anu terusna neuasan. Nyegahna mah ulah maké sapatu sereg jeung apik make, berseka deui wae…Ngubarana mah dibawa ka dokter, biasana mah di”kauter”.

Kasakit dina biwir

• kakadalieun, lédéh juru biwir kénca – katuhu , istilah medisna “perleche”, cheilitis angularis. Biasana ku infeksi jamur tapi bisa oge alatan infeksi jaram sejan. diubarana ku krim pelembab jeung krim anti jamur
• sariawan, kasakit anu sering- ilahar sapopoe jaeung sering ngaganggu – istilah medisna “stomatitis” nyaeta radang biwir jeung baham (sungut??), dina biwir jeung baham téh “unik”, nyaeta saluran / pembuluh-darah na “gegek”, jadi gampil cageur tapi gampil karugrag deui. Sel-selna gancang pisan ngayakeun “regenerasi”. Sababna mah infeksi jamur, stress, udud jeung saluran “pencernaan”. Infeksi jamur Candida albicans disebut candidiasis atawa moniliasis – totol bodas, biasana dibarengan ku kebersihan huntu jeung baham anu “goreng” atawa kadang-kadang alatan berobat antibiotika jangka panjang. Ari anu udud mah disebutna stomatitis nicotina. Ngubarana ku obat kumur, obat anti jamur, bari tetep ngajaga kaberesihan “rongga mulut” jeung ulah udud.

Sumber :

Kang Sam Askari Soemadipradja dina Indonesia Tempo Doeloe

Tidak ada komentar:

Posting Komentar