Sabtu, 31 Maret 2012

Rupa-rupa Kasakit dina basa Sunda

Rupa-rupa Kasakit
Ku Dédy Windyagiri

DINA basa Sunda kasakit sarua jeung panyakit, basa lemesna kasawat atawa panyawat. Kasakit atawa panyakit téh nyaéta anu jadi sabab jelema jadi gering. Katerap kasa¬kit ngalantarankeun jalma jadi gering, jadi teu sehat atawa jadi teu cageur.

Aya kasakit anu tumerapna ngan ka orok, ka budak, ka lalaki, ka awéwé, ka aki-aki jeung ka nini-nini.

Kasakit anu tumerapna ka orok: indah, kikilieun atawa leuleugeuteun (dina sirah orok siga aya leugeut atawa geutah).

Kasakit anu tumerapna ka budak: harééng, cacingeun, tampek (baruntus saluar awak), sawan (stép, stuip), bongrot (saperti cacar ngan teu parna), sékat (barentus renyek dina pipi), kaliwara (budak leutik gering ngageuyeunggeung ditinggalkeun maot ku indung).

Kasakit anu tumerapna ka lalaki: burut (hérnia), peluh (impotén).

Kasakit anu tumerapna ka awéwé: kareseban (kotoran, haid, ménstruasi, udur sasih), séséraheun (nyeri di¬na pinareup lantaran cisusu teu disusuan ku orok), sumilangeun (cece-lekitan dina parindikan atawa dina pianakan kawas dipatil sumilang. Sumilang téh lauk saperti lauk patin, aya pamatilan).

Kasakit anu tumerapna ka aki-aki jeung ka nini-nini: lilinieun (ngadégdég leungeun), umeuran atawa eueumeureun (sirah terus-terusan gigideug).

Rupa-rupa kasakit dina babagian awak

Kasakit dina kulit sirah: totombéeun.

Kasakit anu karasana dina sirah: lieur, rieut (puyeng), jangar, lendeng, lanjung, lenglengan, tujukuriling (lieur nepi ka teu éling).

Kasakit dina kulit beungeut: kokoloteun (kulit beungeut semu hideung), éwateun (jarawat), kukul, hunung, maromot (baruntus renyek semu hideung), balas bogo (sabangsa hapur ngan teu parna).

Kasakit dina kulit awak: budug, borok, rodék, radang, barudus, barun¬tus, cénang, kutil, ésot (sabangsa kutil tapi lemes), hapur (hapur kembang, hapur beusi, panu, kadas, kurap, gabag), cacar (kuris), bisul (bisul beunyeur, bisul tibar, bisul kamalangkem), bungkul (siga bisul dina péngpélangan), salésér (siga bisul tapi teuas), késrék (éksim), cécéndéteun (sabangsa cénang ngagarenclang siga buah cécéndét), karényéng (arateul ku jaram), budig (kulit siga megar karasana ateul), kaligata (kulit jadi gimpa sarta ateul), késang meuting, sampar (paték, leuwih parna tibatan borok), Kucar (kulit jelema anu siga munding bulé, albi¬no, bawa ti kudrat). Corob: kulit jelema anu belang wawaréhan (kaasup kasakit).

Kasakit dina panon: kotokeun, bélék, lamur, paor, baong, lolong bonconong, bolor (ruksak hihideung panon), bocos (ruksak bobodas panon), turuwisen (cindil, cénang dina biwir panon), butarorongeun (buta warna, teu bisa ngabédakeun warna).

Kasakit dina huntu (nyeri huntu): koropok (cenah ku ulam), keueuseun (huntu rogés harideung), ungger, nyéhcélkeun (huntu jadi nembus kulit karasana nyeri).

Kasakit dina ceuli: congé, kopok, curek.

Kasakit dina beuheung: gondok, gondongeun (bareuh beuheung bagian luhur), uuseupeun (nyeri dina elak-elakan), sawan bantal (teluh anggel, teu bisa ngalieuk lantaran tibra teuing saré, saréna teu malik-malik).

Kasakit dina irung: mepeg, pileg (flu, influensa), salésma (ampeg, léhoan baé), mimiseun (sariawan, kaluar getih tina irung).

Kasakit nyeri beuteung: murus (diaré), muncrut, méncrét, mejen (kabebeng, hésé miceun sabalikna murus), tajam (diséntri, miceun campur getih aya bubuduran).

Kasakit dina jero beuteung: seueul (seueul angen), eungap, bunghak (asup angin), kalikiben (rasa teu ngeunah di jero beuteung upamana tas dahar dibawa lulumpatan), medu (busung, bareuh beuteung), busung lapar (busung lantaran kurang dahar), méntér (tipes, utah miceun), cika (cecelekitan di jero beuteung).

Kasakit dina leungeun: cécéngkéleun (kram, keram), jingjingeun (cangkéwéng, asa tas ngajingjing anu beurat).

Kasakit dina tulang: pateuh (potong atawa remek tulang), misalah.

Kasakit dina kuku leungeun: hileudeun.

Kasakit dina suku: biri-biri (babareuhan suku), urat murungkut (varisés), lémor, lumpuh, singkang (suku jelema anu bengkung duanana ngawangun aksara O), képoh (suku jelema anu paantel tuurna lamun keur nangtung atawa keur leumpang ngawangun aksara X).

Kasakit dina dampal suku: leun¬cangeun (kuman cai dina sela-sela ramo suku), rorombéheun (bareulah renyek), bebelakeun (bareulah manjang), botoleun (bolongeun, aya liang teuas), mata iwakeun (siga jarawat ngan aya matana buleud siga mata lauk).

Kasakit dina kuku suku: kéongeun.

Kasakit kotor alatan rucah: rajasinga (péhong, bengang, sipilis), kiih nanah (gonorhea).

Kasakit sarap: sakalor (épilépsi), tujulajer (sok ngadadak jengker), kalenger, kapiuhan.

Kasakit jiwa: gélo, édan, burung, siwah, édan éling, selang-seling (sok disebut kurang saeundan, satengah buah leunca, eusleum).

Kasakit séjénna

Batuk bangkong: batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tébésé). Batuk gangsa: batuk hoshosan teu kaluar reuhak. Cacabéeun: rasa panas dina dampal leungeun sanggeus nyiksikan cabé. Geregeseun: kasakit nyeri kiih lantaran aya sarupa batu dina giginjel. Jéngkoleun: nyeri kiih lantaran ngadahar jéngkol atah réa teuing. Jeungjeuriheun: nyeri kiih saeutik-saeutik tapi mindeng cenah lantaran nginum cai anu teu asak ditaheurna. Kabeureuyan: aya cucuk lauk nyangsang dina tikoro. Kakadalieun: lédéh juru biwir kénca katuhu. Kalingsir: kasakit lantaran getih kotor kaasup incok (reumatik), cararangkeul, nyeri tuur. Kamere¬kaan: seubeuh teuing dahar nepi ka nimbulkeun kasakit. Karemian: ateul palawangan lantaran aya cacing karemi (karemieun). Kateuhak: loba teuing dahar disakalikeun nepi ka jadi kasakit (biasana lamun kacida laparna).

Langlayeuseun: kalémpohan, béakeun tanaga lantaran kalaparan. Mengi (bengék, asma): kasakit hésé ngambekan biasana lantaran katiisan. Muriang: kasakit paranas tiris, ngarasa teu ngareunah awak. Ngajelengit : ngarasa nyeri di jero beuteung. Peuteuyeun: sarua jeung jéngkoleun ngan ieu mah lantaran teu jeung kira-kira réa teuing ngadahar peuteuy atah coél sambel. Salaton: teu puguh téténjoan asa ranyay lantaran tidagor tarik, kapentrang panonpoé, digebug sirah jsb. Salatri: nyeri dina beuteung lantaran acan sasarap, kosong beuteung leuir dahar. Sisidueun: ceklak-cekleuk lantaran aya gangguan dina dada. Singsireum¬eun: asa rarenyem, biasana upama tas lila diuk teu obah-obah. Titingkuheun: teu bisa ngobah-ngobahkeun suku lantaran lila teuing diuk, suku karasa baraal, diciwit ogé teu karasa nyeri.***

Sumber :

Kang Sam Askari Soemadipradja dina Indonesia Tempo Doeloe

3 komentar:

  1. kang hapunten ari Obat ker Panyakit Salatri teh Naon,,
    Mangga

    BalasHapus
  2. Balasan
    1. Kasakit koneng jeung panas beuteung th naon nya ??

      Hapus